Selasa, 24 Mei 2022

Nalika Kolot Moro Sakola

Sampurasun ....

Rampes ....

Hehe, mudah-mudahan sadayana ngawaler nya, Rampesss ..... 😀

Rekan-rekan sadayana, utamina rekan-rekan guru, kinten-kinten saupami sasih mei-juni nuju seueur padamelan naon di sakola? 

Leres pisan, sasih-sasih eta teh tos seueur padamelan kanggo akhir tahun pelajaran. Diantawisna nyaeta:

1. Ujian-ujian kelas akhir, kelas 6, kelas 9, kelas 12, sanaos sapalih mah tos ngawitan ti sasih maret keneh.

2. Nyiapkeun PAT alias ulangan akhir atanapi ulangan kanaekan kelas kanggo kelas-kelas handap.

3. Nyiapkeun perpisahan atanapi pembagian rapot.

4. Nyiapkeun nilai-nilai harian kanggo rapot.

5. Nuju ngalaksanakeun PPDB, boh nampi siswa enggal, atanapi ngadaftarkeun nu kelas akhir ka sakola lanjutan.

Sareng sajabina nu aya kaitana sareng agenda akademik.

Rekan-rekan sadayana, abdi moal ngaguar poin-poin eta sadayana. Urang ngeureuyeuh we nya, sabari abdi ngempelkeun naon nu kedah diguarna hehe 

Tah, ayeuna mah abdi bade ngaguar ti poin nu panghandapna, nyaeta ngeunaan milarian sakola lanjutan nu pastina ayeuna nuju dilakonan ku mayoritas sepuh nu gaduh putra di kelas akhir. 

Ti taun ka taun, salah sawios tugas sepuh nyaeta ngaping pala putrana nete taraje nu namina sakola. Aya nu ngalebetkeun ka TK, SD, SMP, SMA atanapi kuliah.

Dina masing-masing tingkatana, biasana sepuh sok bingung, kedah nyakolakeun kamana. Malihan mah nu sepuhna guru oge, atanapi nu gaduh sakola, angger wae bingung, naha putrana teh di sakola keun di sakola abdi atanapi entong. Pami di sakolakeun caket sepuhna, bilih engke na teh ogo. Tapi ari di sakolakeun tebih, teu acan teu kapantau, atanapi tiasa janten, ari putra guru mah aya diskon pami sakola di sakolana hihihi 😂

Tah, urang lajengkeun deui. 

Abdi salaku guru wali kelas kelas 9, seueur katarosan ku sepuh, "Ibu, saena putra abdi diteraskeun kamana? Ka negeri atanapi ka aliyah, atanapi pasantren?" Kirang langkung sapertos kitu patarosan na teh.

Ari abdi mah sok ngawaler basajan wae, "Tiasa kamana-mana oge, Bu. Taros wae murangkalihna hoyong kamana. Sareng ditingal saena dimana, pami saena di matpel umum, tiasa lebet ka sma negri. pami saena di agama, tiasa ka aliyah negri atanapi pasantren." kitu waleran abdi teh.

Mung, kadangkawis aya sepuh oge nu keukeuh, utamina nu hoyong ka sma negeri favorit, "Kumaha nya bu, da putra abdi hoyong lebet kadinya wae, alim kamana mana." 

Muhun sok bingung pami aya nu kitu teh. Komo anu bumina tebih ti sma nu dituju na. sedengken aturan nu ayeuna, lebet ka negeri teh, ngangge sistem zonasi, nyaeta prioritas kanggo nu bumina caket sakola. 

Saleresna mah, sadaya sakola insya Allah sae. Sareng deuih ari sakola mah cocok cocokan. Aya sakola favorit, tapi teu cocok sareng putra urang. Aya oge sakola biasa, tapi cocok sareng putra urang, tiasa ngajantenkeun putra urang berprestasi.

Tah, panginten, kangge sepuh nu bade ngalajengkeun sakola, ayeuna mah mangga diikhtiaran wae samaksimalna, sareng tong hilap ngadoa sing soson soson, supados pala putra urang dipasihan sakola nu terbaik, bade sakola favorit atanapi henteu.

Cag. 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

My Passport Story

Ga apa-apa saya dibilang kampungan atau malu-maluin. Dibilang telat, kemana aja, gitu doang meni hewir alias riweuh. Orang lain juga punya t...