Pahibut, rariweuh, dag deg dog, teu puguh rasa.
Haduh, gusti, meni asa rareuwas kieu, pas peuting tadi pak kepala nelpon,
"Bu Reni, Irjen teh bade sumping enjing. Tadina minggon payun, dipajukeun janten enjing. Da ketuana nu tadina bade ka SMP 2 heula, di Cihaur, janten hoyong ka SMP urang heula. Kumaha Bu Reni? tapi tos siap pan nya LPJ na?"Aduh, ieung, meni asa ngajenghok pas ngadenge kitu teh. Kuring nu keur dimasker saripohatji, kuat ka mareplekan, murudul.
"Aduh, bapa, naha gening meni ngadadak wartosna? Nya pami LPJ mah tos rengse. Mung aya sababaraha kuitansi nu teu acan ditawis ku toko na. Abdi bade nguriling ka toko-toko ayeuna kawitna teh."
"Oh, nya keun wios we saayana, Bu. Keun kuma beh na we. Tenang we nya, bu. Urang payunan we sasarengan."
Teu papanjangan deui, sakitu we pa kepala nelpona teh.
Ngan orokaya, kuring jadi teu bisa sare sapeupeuting. Nya saha nu bisa sare tibra, aya nu bakalan mariksa pagawean, ditanyaan naon wae nu geus dilakukeun. Mana bukti-buktina, nyurup teu antara pemasukan jeung pengeluaran.
Aduh, gusti....
Nepi ayeuna meni teu genah cicing pas nepi ka kantor teh. Kasampak geus aya pa kepala jeung sababaraha guru.
"Pa, duh, punten abdi telat." Nya sasadu we basa basi, bari jeung da teu telat telat teuing. Karek ge jam 6.15 nepi kantor teh.
Tapi jigana mah taranginas datang da rek persiapan ngabageakeun Irjen.
"Bu Reni, tenang nya, InsyaAllah da ngan ditaros taros wungkul hehe...."
Bu Septi ngabrangbrangkeun ti ditu na mah. Ku kuring ngan dibales seuri koneng.
Dinu hate, nya da di dinya mah can pernah ngarasaan jadi bendahara. Ngan ukur ngajar jeung pembina pramuka.
Kuring nu karek ngajar dua taun, ujug ujug ditunjuk jadi bendahara taun kamari teh. Pedah Bu Ema, bendahara nu baheula, risen, da nuju kakandungan. Alhamdulillah cenah, ngantos ngantos putra tos tujuh taun, ahirna ku Allah dirizkian.
Nya kuring mah, ngilu atoh we. Moal ditanya tanya deui unggal ngumpul kulawarga teh, "Tos isi, tacan?"
Ampir sarua jeung kuring. Unggal ondangan dulur pasti ditanya, "Rek iraha nyusul?"
Aduh, ari di lembur mah 30 taun teh geus kasebut "parawan kolot". Padahal artis korea mah 35, 40 teh nyaralse keneh can papacangan oge. Tuh, Jang Nara 41 taun karek aya jodona. Nya kumaha atuh da jodo mah teu bisa dirurusuh teu bisa dilaon laon.
Padahal mah osok kenalan jeung sababraha lalaki. Babaturan lalaki oge loba. Ngan nya kitu ari tacan aya nu nyantel kumaha atuh?
"Ah, lain euweuh nu nyantel, inget keneh kanu baheula nya?
Aduh naha aya sisi hate nu ngomong kitu sagala. Jadi we pan kabayang deui eta jelema.
Nu pernah cicing dina hate. Tapi baheula keur jaman kuliah. Eta ge pas keur KKN deukeutna teh. Geus beres KKN mah, bubar jalan we, alias pegat komunikasi.
Dimana nya ayeuna? Aduh, ah, kamana wae ngalamun teh.
"Bu, itu tos sarumping Irjen na. Geura sarengan bapa." Keur ngalamun nu teu puguh kitu, ujug-ujug ditepak ku Bu Septi, atuh meni reuwas.
"Oh, muhun, mangga... " kuring cengkat muru ka ruang kepala.
Kasampak aya opat jalmi, dua istri, dua pameget. Ngarora keneh. Sahandapeun jigana mah.
"Mangga, ibu/bapak, ieu ibu bendaharana, Bu Reni." Pak Kepala ngenalkeun kuring.
"Wilujeng sumping, Pak/Bu." Kuring sasalaman jeung aranjeuna.
"Meni aranom keneh, bapa/ibu teh, janten abdi teu gempeur teuing." Pak kepala rada ngabanyol supaya teu gempeur teuing.
"Da ieu mah anak buah, Pak. Bapak ketua na mah, nembe teh ngiring kajamban heula di handap. Duka katawis na teh asa geumpeur hihihi... " Salah sahiji staf irjen ngawaler. Aduh, kasep budak teh, hihihi, ngan hanjakal budak keneh. Loba noroweco dinu hate, padahal mah meupeuskeun ka geumpeur.
"Assalamualaikum... Aduh, hapunten, telat. Nembe kapengker heula."
"Eh, teu sawios. Ieu bapa ketua na? Hehehe..." Pak kepala sasalaman jeung ketua monev.
"Aduh, naha tariis, Pak? Pedah tos dijamban, atanapi pedah bade ngamonev?" Ceuk Pak Kepala deui.
"Geumpeur bade ngamonev, Pak." Jawabna bari nyerengeh seuri.
Kuring masih merhatikeun eta Ketua. Asa kenal, tapi bisi salah. Tapi enya asa manehna.
"Ieu Bu Reni, bendahara na, Pak.
Pak kepala ngenalkeun kuring deui.
"Oh, muhun Bu Reni. Abdi Hakim. Damang, Bu?"
Pak ketua ngajak sasalaman. Kuring olohok alabatan ningal jurig. Ngan ieu mah jurigna kasep. Jurig nu sok ngajirim dina hate, dina pikiran, salila welasan taun ieu. Si babaturan KKN.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar