Rabu, 17 Mei 2023

Antara Cuan dan Gawean

#ceuceu.teteh


Ceuceu : Eteh, meni resep coba kamari si Ibu I meuli sapatu olahraga Nikeu. 

Teteh    : Aya kitu merek sapatu Nikeu? Nikeu Ardila?

Ceuceu : Ih sanes Nikeu Ardila. Tos ngantunkeun atuh eta mah. 

                Merek sapatu olahraga eteh. Nu mahal tea.

Teteh    : Oh, Naiki. Nu logona jiga curek kitu. Naiki dibacana teh.

Ceuceu : Oh, ari sugan Nikeu hahaha

Teteh    : Terus kumaha? 

Ceuceu    : Nyaeta eteh. Teu euleum euleum hargana tilu jutaan. Laloba duit batur mah nya eteh?

Teteh    : Keun bae.  Alhamdulillah batur loba cuan. Teu sangsara.

Ceuceu : Urang we nu sangsara mah nya eteh

Teteh     : Ih, ceuk saha urang sangsara. Urang ge beunghar.

Ceuceu : Beunghar kunaon teh? Duit lain?
Teteh : Lain. Beunghar ku Pagawean hahahaha.

Ceuceu    : Ah, si eteh bisaan wae hahhaah

Teteh : Tah nambahan ayeuna mah beunghar ku seuri bahagia.....walaupun hati teriris hahahha


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

My Passport Story

Ga apa-apa saya dibilang kampungan atau malu-maluin. Dibilang telat, kemana aja, gitu doang meni hewir alias riweuh. Orang lain juga punya t...