Isuk isuk, kuring geus tuturubun, nyetarter motor, tuluy ngadius ka kota. Nya reka naon deui apanan rek gawe, ngajar di sakola tercintah hahaha 😅. Bari rek nganterkeun budak dua ka sakolana masing masing. Nya ari nu sulung mah sarua sakolana di sakola kuring hehe. Ke nya didongengkeun ku kuring suka duka ngajar budak sorangan.
Ayeuna mah urang ngabahas nu keur viral nyaeta BBM 😋
Tah, jadi tadi isuk teh, kuring tiluan jeung barudak, ngadius make si kukut nyaeta si beat oranye. Ke kuring rek ngadongeng deui ngeunaan si kukut ieu hihihi, seueur ngadongengna nyaa 😄
Tah, tos ngadius ka kota teh, kuring ngareret ukuran bensin dinu motor. Wei, naon eta teh namina nya BBM meter kitu? wkwkwk, dalapan taun gaduh motor, da teu terang eta namina naon qqqq.
Tos ah keun bae ke perkara BBM meter mah urang gugling heula ....
Tah cle, abi nurunkeun si sulung. Geus kitu ngadius ka sakola si bungsu. Cle, diturunkeun budak teh. Salam, terus disun, geus weh kuring ngadius deui, rek muru bengsin.
Tah, ayeuna mah tisaprak BBM naek wae, jadi kuring teh sok meuli bensin di SPBU. Biasana mah di tukang bengsin ngecer, tapi nyaa apan kudu berhemat ayeuna mah, jadi ka SPBU. Lumayan we, 20 teh bisa full tank. Kamari kamari eta mah pas acan naek. Ayeuna pas geus naek, jadi 24000 full tank teh 😤
Nya keun bae we, asal aya duitna kitu lin, Syukuri apa yang ada saur Mang Rian ge hehe,
Tah, salian bengsin naek, gening neangana ge lumayan kudu usaha. Ari hese mah henteu. Ngan eta ku ngantrina. Kadang sapuluh menit, kadang mabelas menit. Komo mun ngantrina pas mentrang, mawa budak, duh, meni sok asa karunya, budak ka panasan. Tapi untungna teh barudak balageur saroleh. Alhamdulillah tara pundung diajak muru bengsin teh.
Tah, balik deui ka tadi isuk, berengbeng we ka SPBU langganan. Meni geus sieun we ngantri panjang. Tapi alhamdulillah ari pas belok, euleuh gening pondok. Da soalna aya dua antrian pertalite. Duh, alhamdulillah pisan. Jadi ngan lima menitan ngantri teh.
Alhamdulillah doa emak soleh, kitu meureun mun rek rada agul mah heheh, tapi ah kuring mah jauh ti solehah wkwkwk
Tah, kitu we nya dongeng ayeuna mah.
Janten aya sabaraha "tah" dinu seratan di luhur, barudak? wkwkwkwk
Tidak ada komentar:
Posting Komentar